pinuh ku kasieun tur ka hariwang
sok inggis panggih jeung tunggara
antukna hilap ka wiwitanana
ti mana asalna urang
rek mulang ka mana
teu kersa ngadangu pepeling
kawas nu bakal hirup satungtung dunya
dugi ka hilap kana dirina
komo ka Allohna
gunung dijugjug sagara dipuja
nu lain dienya enya
ngalanggar kodrat nu saestuna
janten linglung jeung teu eling
nu diudag udag ukur dunya
bari jeung taya ridona
kufur ni'mat salalawasna
aral dina kecap tur ucapna
hirup ningali ka luhur
nu diharep susuganan
ahirna ti gejebur
kana jurang kanistaan
bongan teu daek narima
hirup asa pangsangsarana
boh lahirna boh batinna
pareumeun obor dina hatena
nu katempuhan awak sakujur
bongan teu hade lampahna
teu daek narima kana kanyataan
moal aya anu tiasa nulungan
lintang ti diri urang sorangan
tobat ka Alloh mulih ka fitrahna
Nu Maha Welas tur Asih ka mahlukna
Alloh sembaheun urang sadaya
da sagala rupina ti Mantenna
Alloh Nu Maha Uninga
urang mah mung sakadar darma ihtiar
Alloh teh sembaheun urang
Alloh teh pentaeun urang
prak laksanakeun parentahna
jauhan laranganana satungtung urang dipercaya
kumalendang di alam dunya.
(Tubagus A)
pinuh ku sagala nimatna
anu henteu aya bandingna
panon awas paningalna
cepil jeung pangdanguna
baham tur pangucapna
sakujur raga pamolah manusa
pinuh ku sagala rahmat tur ni'mat
anu sakitu ageungna
iwal muji sukur ka Nu Maha Kawasa
ku kaimanan tur kataqwaanna
nyuhunkeun berkahna tur ngalaksanakeun piwaranganna.
Iwal ti diri anu uninga ka diri urang
tukang miwarang oge ngalarang
boh dina saena tur awonna
estuning adil sapanjangna
nu ayeuna ceurik jeung hariwang
mikiran papasten nu bakal datang
da bongan ahlakna pinuh ku dosa
teu daek eling keur hirup di dunya
"Aya dina paribasa"
cukleuk leuweung cukleuk lamping
cukleukna luhureun gunung
lieuk deungeun lieuk lain
lieuk loba kabingung tiis diri sangsang badan
waruga ngan ukur iga
rek mulang leungiten jalan
nu datang mung ukur siksa
cukleuk leuweung cukleuk lapang
sintung dina daun kalapa
lieuk deungeun lieuk lenglang
jauh ka indung ka bapa
sasambat sapaneja hayang dipulangkeun ka dunya
da rumasa pinuh ku dosa
kaduhung teu eling ti baheula
keur kumelendang di alam dunya
eces tur jentre saenggeus ajal tumiba
nembongkeun kaimanan hirupna
nu kasimbutan ku dosa
kulantaran laku lampahna
tujuh poe kadalapanna
nu datang iwal Jaksa
Jaksa datang ngahakiman
nagih jangji pasini
timana urang asalna
kamana urang rek mulang
ka saha urang mi Gusti
ka saha urang iman
jeung saha Nabi urang
ditambih naroskeun Kitabna
oge naroskeun Agamana bingung teu manggih tungtung
da punguh lamokot ku dosa
sasambat euweuh nu mere Pitulung
salangkung saumur dunnya
hanjankal teu aya sudana
(Tubagus A)
alam dunya tur saeusina
parantos aya sateuacana
samemeh urang lahir ka alam dunya
sadayana kanggo urang
gumantung ka diri urang
tur kumaha urang harta oge tahta
titipan ti nu langkung ti payun ayana
amanah ti Alloh Subhanahu Wata'ala
pujieun urang sadaya nu sae tur awonna
dina sifat leuwih jeung kurang
anu aya dina diri urang
hayu urang sujud ka llahi
ngabakti ka diri oge ka para Nabi
munjung ka indung muja ka bapa
kumawula ka papada
poma kahade ulah hayang dipuji
da puji mah kagungan Gusti (Alloh)
nu kudu di pusti pusti
yu... urang wanti wanti
hirup urang cing tarapti (Alloh)
ihtiar ban tumamprak
silih tulung jeung papada
inna sholati wanusuki
wamahyaya wa mamati
lillahi robbil alamiin
(Tubagus A)
Mungguhing nu saestuna welas tur asih teh ti nu Kawasa (Alloh), kanggo urang sadaya dina sagala kahirupan jeung huripna sareng sadaya mahluk ciptaan Gusti... (Alloh), boh anu karasa oge katinggali sareng welas tur asih llahi (Alloh).
Urang hirup kade ulah lali, kedah silih asah-silih asuh ti ayeuna, tong ningali harkat jeung pangkatna di jalan muru ka Gusti (Alloh) silih pikadeudeuh ti kiwari sareng papada mahluk Gusti.
Ulah asa hurung ku tangtung herang kukaayaan, asa aing uyah ti kidul, malahmah urang silih tulung dina ngawujudkeun kamakmuran tur ulah sok pakedul-kedul ku pikirna tur banda
oge tanagana nu sabagian di dasaran ku kasadaran rido ihlas ka Pangeran (Alloh).
Kanggo naon urang pinter lamun henteu bener cageur upami urang ngabantah aturan, oge ngagugu kahayang setan.
Geuning nu ngarana hirup ayeuna nu jadi kanyataan iraha deui urang rek sadar upami lamun henteu ti ayeuna sabab sakiceup nu bakal datang teu aya anu uninga.
Jalma mung darma ihtiar dina sagala rupina, mangka prak geura pinuhan kurasa sifat welas tur asih pisan dina sagala rupa kahirupan boh tina tekad jeung ucapna lampah tur paripolahna
Kurasa niat nu beresih anu pinuh ku harepan dipilampah sapapanjangna hayu urang sadar tur eling ti ayeuna, kumargi enjing teu aya anu uninga, nu namina hirup jalma gumantung ka dirina nu sae tur nu awonna.
Gusti moal ngahukum oge moal nyiksa lintang ti ahlak jeung kalakuanana salila hirup ngumbara.
(Tubagus A.)

Gunung-gunung pating jalegir ngemploh hejo ku dangdaunan, angin tingtrim ngahiliwir nebak pucuk tatangkalan, manuk-manuk dina gawir pating caruit patembalan muji sukur ban dikir ka Pangersana Pangeran...(Alloh).
Ombak-ombak pating jalegur silih sered silih banting neumbragan karang tepi ka lebur ti beurang nepi ka peuting cahaya layung hibar tur ngempur nyaangan mere pepeling sangkan hirup kudu akur silih aping silih jaring.
Mangsa magrib geus datang dipapag ku sora tongeret patembalan jeung sora gaang dina waktu nu samporet, prak sujud ngadu'a bari muntang anceg panceg tong rurat-reret.
Siang diganti ku peuting poek mongkleng tur jempling, bulan purnama datang di euyeuban bentang-bentang.
Mega hideung mega bodas nunggang angin matak waas pundung duka kamana teu aya raratanana, ngengkrengna sora jangkrik dipirig ku cai ngiricik mapay kolomberan ban ceurik, beuki mudun beuki tarik hayang geura tepi ka sagara rek buru-buru bebeja salila ngumbara tunggara, dinista di anggap teu sapira padahal cai teh sami nampi pancen ti Gusti (Alloh).
Kanggo ibadah, ka llahi muru di jalan nu hiji, sok sanaos dinista nista cai tumamprak tumarima, ihtiar sangkan guna muter alam jagat raya.
Wanci subuh nyedek datang teu beunang dihalangan, dipapag cahaya fajar nu hurung ti beulah wetan, hayam kongkorongok raong mere beja sangkan eling tur sadar ngabejaan waktu solat nu munggaran geus ampir dating.
Cahaya surya datang satia, Nyumponan jangji nyorot taneh baseuh sesa ibun wengi, sumebar seungit kasturi kelas kelis sekar puspita, neda ka Nu Maha Kawasa (Alloh) sangkan du'a sadaya di tedunan ku Gusti Nu Maha Kagungan (Alloh), nu deukeut geura raketan nu anggang geura wanohan.

Ku bismillah di kawitan abdi ngadamel tulisan, puji sinarengan sukuran eta tetep ka Pangeran (Alloh) rohmat salam ka Jungjunan Nabi Muhammad Panutan. Wa badu ieu tulisan pepeling ka ihwan-ihwan netelakeun ahir jaman kawas anu tos acak-acakan muga aya mangpaatna husus kanu ngadamelna umumna ka sadayana anu tos kersa macana nyaeta mang pirang pirang lambaran keretas bacaeun urang keur anu ageung harepan, tur anu panjang emutan hayang hasil kauntungan kabagjaan kasalametan meungpeung hirup di rejekian ku Pangersana Pangeran.
Dulur dulur ihwan-ihwan geura eling ka Pangeran (Alloh) ulah sok nuturkeun jaman, masing nyaah kana iman sabab dina ieu jaman lamun urang teu mageuhan kana Islam jeung iman pasti ahlak kawas setan.
Masing getol ngadatangan kana tempat pangajian anu bener ceuk Pangeran (Alloh).
Dulur-dulur prak sing rajin ulah loba teuing ulin, sing loba hudang ti peuting, ngamalkeun keur waktu jempling sabab di jaman kiwari geus loba pisan anu wara wiri, supados urang sadaya dina waktosna mulang laku lampah nu kamari nu sae urang tambahan, nu awon urang omean kedah isin ku mahluk lian oge saeusina alam nu weleh dikir ka Pangeran...(Alloh) ku kodratna sewang sewangan.

Anaking dulur-dulur kuring kahirupan teh lir ibarat sandiwara, panggungna satangkarak jagat caritana tembus parat katangit.
Anaking dulur-dulur kuring hirup teh. lir ibarat lalayaran, bral miang nyandang harepan ngudag ka untungan, kabagjaan tur kasalametan.kapalna wujud ning iman, mesinna wujud ning takwa, umbul-umbul dienul Islam padomanna Al-Qur'an.
Cruk cruk galur para Rosul, papay sajarah Anbiya, sungsi diri nu sajati sujud sukur ka Illahi Robbi.
Hayu urang silih asah silih asuh silih seungitan, sajajar sadarajat depe-depe handap asor kasasama dina enggoning milari ridho Mantenna.
(Drs. H. Lili, M.Pd.)