Wilujeung Sumping  

Posted by Yudi Andriyani in

Wilujeng sumping

Di blogna Kaluarga Besar Bayubud Cianjur


Pun sapun kaluluhuran, nyukcruk jalur nu kapungkur, ngabaladah nu can aya, nyaangan nu kapoekan, kanggo mayunan kahirupan nu saluyu jeung purwadaksina. Sanes sim kuring bade nyanyahoanan dina tulisan sareung dina nyusunkeun ieu silsilah kaluarga, namung sim kuring nyobian ngababarkeun rusiah rentetan kaluarga besar bayubud dina khususna, sok sanaos bilih aya nu ngaos blog atanapin situs sim kuring ieu ngaraos gaduh pakuat pakait, ti kulon ti kidulna, ti wetan kalih kalerna.


Silsilah ieu dipidamel mudah-mudahan aya manfaatna kanggo :

1. Tiasa terang timana-timana na cukcukran kaluarga masing-masing.

2. Tiasa terang eta kumaha kabentukna duduluran teh.

3. Tiasa terang salah-sahijina kuluarga atanapi baraya.

4. Tiasa ngaeratkeun duduluran sareung tali silaturahmi.

5. Kanggo petunjuk kana hiji ikatan babarayaan.

6. Kanggo dina ngado'akeun ka para sesepuh urang atanapi kaluarga-kulawargi nu tos tilar dunya.

7. Sareung sajabina.


Kanggo salajeungna bilih aya kakirangan nu kedah dileureskeun nami, jabatan atanapi photo mangga wintonkeun wae serat atanapi email ka simkuring nu aya di handapeun.

Salam Baktos,

Yudi Andriyani


silsilah.bayudud@gmail.com

This entry was posted on 22 September 2008 at Senin, September 22, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

3 comments

Anonim  

htur nuhunn pisan kg...
nembe abdii ngadonwload silsilahh sadaya margii peryogi kanggo ulemann....alhamdulillah pisan ku ayana iye jnten ngaringankenn..
ti bayubud... =))

24 Maret 2011 pukul 20.42

kang abdi hoyong terang silsilah ti Raden arya wangsa goparana,upami leres akang masih turunan silsilah eta,berati urang masih keneh dulur

4 Oktober 2011 pukul 10.48

akun facebook abdi regie fauzan maulana
nmr telepone :08996139338

4 Oktober 2011 pukul 10.50

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar