Eunteung Diri  

Posted by Yudi Andriyani in

Gunung-gunung pating jalegir ngemploh hejo ku dangdaunan, angin tingtrim ngahiliwir nebak pucuk tatangkalan, manuk-manuk dina gawir pating caruit patembalan muji sukur ban dikir ka Pangersana Pangeran...(Alloh).

Ombak-ombak pating jalegur silih sered silih banting neumbragan karang tepi ka lebur ti beurang nepi ka peuting cahaya layung hibar tur ngempur nyaangan mere pepeling sangkan hirup kudu akur silih aping silih jaring.

Mangsa magrib geus datang dipapag ku sora tongeret patembalan jeung sora gaang dina waktu nu samporet, prak sujud ngadu'a bari muntang anceg panceg tong rurat-reret.

Siang diganti ku peuting poek mongkleng tur jempling, bulan purnama datang di euyeuban bentang-bentang.

Mega hideung mega bodas nunggang angin matak waas pundung duka kamana teu aya raratanana, ngengkrengna sora jangkrik dipirig ku cai ngiricik mapay kolomberan ban ceurik, beuki mudun beuki tarik hayang geura tepi ka sagara rek buru-buru bebeja salila ngumbara tunggara, dinista di anggap teu sapira padahal cai teh sami nampi pancen ti Gusti (Alloh).

Kanggo ibadah, ka llahi muru di jalan nu hiji, sok sanaos dinista nista cai tumamprak tumarima, ihtiar sangkan guna muter alam jagat raya.

Wanci subuh nyedek datang teu beunang dihalangan, dipapag cahaya fajar nu hurung ti beulah wetan, hayam kongkorongok raong mere beja sangkan eling tur sadar ngabejaan waktu solat nu munggaran geus ampir dating.

Cahaya surya datang satia, Nyumponan jangji nyorot taneh baseuh sesa ibun wengi, sumebar seungit kasturi kelas kelis sekar puspita, neda ka Nu Maha Kawasa (Alloh) sangkan du'a sadaya di tedunan ku Gusti Nu Maha Kagungan (Alloh), nu deukeut geura raketan nu anggang geura wanohan.

(Tubagus A.)

This entry was posted on 03 November 2008 at Senin, November 03, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

0 comments

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar