Hirup Ningali Ka Luhur  

Posted by Yudi Andriyani in

Ti awal dugi ka ahir hirup urang di alam dunya
pinuh ku kasieun tur ka hariwang
sok inggis panggih jeung tunggara
antukna hilap ka wiwitanana
ti mana asalna urang
rek mulang ka mana
teu kersa ngadangu pepeling
kawas nu bakal hirup satungtung dunya
dugi ka hilap kana dirina
komo ka Allohna
gunung dijugjug sagara dipuja
nu lain dienya enya


ngalanggar kodrat nu saestuna
janten linglung jeung teu eling
nu diudag udag ukur dunya
bari jeung taya ridona
kufur ni'mat salalawasna
aral dina kecap tur ucapna
hirup ningali ka luhur
nu diharep susuganan
ahirna ti gejebur
kana jurang kanistaan
bongan teu daek narima
hirup asa pangsangsarana
boh lahirna boh batinna
pareumeun obor dina hatena
nu katempuhan awak sakujur


bongan teu hade lampahna
teu daek narima kana kanyataan
moal aya anu tiasa nulungan
lintang ti diri urang sorangan
tobat ka Alloh mulih ka fitrahna
Nu Maha Welas tur Asih ka mahlukna
Alloh sembaheun urang sadaya
da sagala rupina ti Mantenna
Alloh Nu Maha Uninga
urang mah mung sakadar darma ihtiar
Alloh teh sembaheun urang
Alloh teh pentaeun urang
prak laksanakeun parentahna
jauhan laranganana satungtung urang dipercaya
kumalendang di alam dunya.

(Tubagus A)

This entry was posted on 02 Desember 2008 at Selasa, Desember 02, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

5 comments

Haturnuhun kang kana pepelingna.

9 Agustus 2010 pukul 09.28
Anonim  

sakuduna mah silsilah bayubud teh..di data deui.supados teu lengit..didinya teh kudu aya wargi sadayana heg di susun deui..da meren seu eur katurunana.sok atuh pangurus di susun deui.
intina saha wae katurunan nana..ti luhur saha ti handap saha...abdi ngadukung ka panurus teh..
nami abdi dedi suherlan...putra na johan aripin

30 Januari 2011 pukul 22.21
Anonim  

punten nepangkeun abdi noor fauziah putrana drs tadjuddin, nu katelahna teh aah didin.

30 September 2011 pukul 07.46

kang abdi hoyong terang silsilah ti Raden arya wangsa goparana,upami leres akang masih turunan silsilah eta,berati urang masih keneh dulur

4 Oktober 2011 pukul 11.03

Kang hyong uninga silsilah kaluhurna ti mama ..saring kulawargi tigigirna
Punten nepangkeun nami abdi Aceng Ridlwan Bin Dadan S Bin Ma'sum

17 Agustus 2020 pukul 14.16

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar