Silih Asah Silih asih  

Posted by Yudi Andriyani in

Mungguhing nu saestuna welas tur asih teh ti nu Kawasa (Alloh), kanggo urang sadaya dina sagala kahirupan jeung huripna sareng sadaya mahluk ciptaan Gusti... (Alloh), boh anu karasa oge katinggali sareng welas tur asih llahi (Alloh).

Urang hirup kade ulah lali, kedah silih asah-silih asuh ti ayeuna, tong ningali harkat jeung pangkatna di jalan muru ka Gusti (Alloh) silih pikadeudeuh ti kiwari sareng papada mahluk Gusti.

Ulah asa hurung ku tangtung herang kukaayaan, asa aing uyah ti kidul, malahmah urang silih tulung dina ngawujudkeun kamakmuran tur ulah sok pakedul-kedul ku pikirna tur banda
oge tanagana nu sabagian di dasaran ku kasadaran rido ihlas ka Pangeran (Alloh).

Kanggo naon urang pinter lamun henteu bener cageur upami urang ngabantah aturan, oge ngagugu kahayang setan.

Geuning nu ngarana hirup ayeuna nu jadi kanyataan iraha deui urang rek sadar upami lamun henteu ti ayeuna sabab sakiceup nu bakal datang teu aya anu uninga.

Jalma mung darma ihtiar dina sagala rupina, mangka prak geura pinuhan kurasa sifat welas tur asih pisan dina sagala rupa kahirupan boh tina tekad jeung ucapna lampah tur paripolahna

Kurasa niat nu beresih anu pinuh ku harepan dipilampah sapapanjangna hayu urang sadar tur eling ti ayeuna, kumargi enjing teu aya anu uninga, nu namina hirup jalma gumantung ka dirina nu sae tur nu awonna.

Gusti moal ngahukum oge moal nyiksa lintang ti ahlak jeung kalakuanana salila hirup ngumbara.

(Tubagus A.)

This entry was posted on 03 November 2008 at Senin, November 03, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

1 comments

Anonim  

Sampurasun, punten ah bade ngarewong..... upami dalem cikundul aya pakuat-pakaitna heunteu sareng Sukapura (Tasikmalaya). haturnuhun.

19 November 2008 pukul 15.34

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar