Pepeling  

Posted by Yudi Andriyani in

Ku bismillah di kawitan abdi ngadamel tulisan, puji sinarengan sukuran eta tetep ka Pangeran (Alloh) rohmat salam ka Jungjunan Nabi Muhammad Panutan. Wa badu ieu tulisan pepeling ka ihwan-ihwan netelakeun ahir jaman kawas anu tos acak-acakan muga aya mangpaatna husus kanu ngadamelna umumna ka sadayana anu tos kersa macana nyaeta mang pirang pirang lambaran keretas bacaeun urang keur anu ageung harepan, tur anu panjang emutan hayang hasil kauntungan kabagjaan kasalametan meungpeung hirup di rejekian ku Pangersana Pangeran.

Dulur dulur ihwan-ihwan geura eling ka Pangeran (Alloh) ulah sok nuturkeun jaman, masing nyaah kana iman sabab dina ieu jaman lamun urang teu mageuhan kana Islam jeung iman pasti ahlak kawas setan.
Masing getol ngadatangan kana tempat pangajian anu bener ceuk Pangeran (Alloh).

Dulur-dulur prak sing rajin ulah loba teuing ulin, sing loba hudang ti peuting, ngamalkeun keur waktu jempling sabab di jaman kiwari geus loba pisan anu wara wiri, supados urang sadaya dina waktosna mulang laku lampah nu kamari nu sae urang tambahan, nu awon urang omean kedah isin ku mahluk lian oge saeusina alam nu weleh dikir ka Pangeran...(Alloh) ku kodratna sewang sewangan.

(Tubagus A.)

This entry was posted on 03 November 2008 at Senin, November 03, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

0 comments

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar