02
Des
Waruga Tinggal Iga
pinuh ku sagala nimatna
anu henteu aya bandingna
panon awas paningalna
cepil jeung pangdanguna
baham tur pangucapna
sakujur raga pamolah manusa
pinuh ku sagala rahmat tur ni'mat
anu sakitu ageungna
iwal muji sukur ka Nu Maha Kawasa
ku kaimanan tur kataqwaanna
nyuhunkeun berkahna tur ngalaksanakeun piwaranganna.
Iwal ti diri anu uninga ka diri urang
tukang miwarang oge ngalarang
boh dina saena tur awonna
estuning adil sapanjangna
nu ayeuna ceurik jeung hariwang
mikiran papasten nu bakal datang
da bongan ahlakna pinuh ku dosa
teu daek eling keur hirup di dunya
"Aya dina paribasa"
cukleuk leuweung cukleuk lamping
cukleukna luhureun gunung
lieuk deungeun lieuk lain
lieuk loba kabingung tiis diri sangsang badan
waruga ngan ukur iga
rek mulang leungiten jalan
nu datang mung ukur siksa
cukleuk leuweung cukleuk lapang
sintung dina daun kalapa
lieuk deungeun lieuk lenglang
jauh ka indung ka bapa
sasambat sapaneja hayang dipulangkeun ka dunya
da rumasa pinuh ku dosa
kaduhung teu eling ti baheula
keur kumelendang di alam dunya
eces tur jentre saenggeus ajal tumiba
nembongkeun kaimanan hirupna
nu kasimbutan ku dosa
kulantaran laku lampahna
tujuh poe kadalapanna
nu datang iwal Jaksa
Jaksa datang ngahakiman
nagih jangji pasini
timana urang asalna
kamana urang rek mulang
ka saha urang mi Gusti
ka saha urang iman
jeung saha Nabi urang
ditambih naroskeun Kitabna
oge naroskeun Agamana bingung teu manggih tungtung
da punguh lamokot ku dosa
sasambat euweuh nu mere Pitulung
salangkung saumur dunnya
hanjankal teu aya sudana
(Tubagus A)
This entry was posted
on 02 Desember 2008
at Selasa, Desember 02, 2008
and is filed under
Papatah Sunda
. You can follow any responses to this entry through the
comments feed
.
Posting Komentar