Pupuh  

Posted by Yudi Andriyani in

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Pupuh aya tujuh welas rupa:
Asmarandana : ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
Balakbak : ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
Dangdanggula : ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
Durma : ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
Gambuh : ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
Gurisa : ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
Jurudemung : ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
Kinanti : ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
Lambang : ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
Magatru : ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Maskumambang : ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
Mijil : ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
Pangkur : ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
Pucung : ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
Sinom : ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
Wirangrong : ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
Ladrang : ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Dicutat ti: Wikipedia Sunda

Kumargi jarang kusimkuring diposting oge pupuh sunda, mangga di haturanan donlod tong hilap masihan komentarna ah .............. punteun we nu linggih teu di pasihan cai-cai acan ngan aya ge donlodeun pupuh nu jarang ka posting.

cobi we donlod teras dangukeun langkung sae mah bari ngopi hideung cap jempol atawa bajigur panas, sareng direncangan ku caneuteun samodel kulub hui sareng kulub tales tambih ku goreng sampeu, kade tong hilap rokona bako si madu tea bari mayunan gunung gede, komo deui direncangan mojang ........ deuh pedo pisan eta mah asa di mana....na ....na ...........

Pupuh - Asmarandana.mp3
Pupuh - Dalakbak.mp3
Pupuh - Dangdanggula.mp3
Pupuh - Durma.mp3
Pupuh - Gambuh.mp3
Pupuh - Gurisa.mp3
Pupuh - Jurudemung.mp3
Pupuh - Kinanti.mp3
Pupuh - Ladrang.mp3
Pupuh - Lambang.mp3
Pupuh - Magatru.mp3
Pupuh - Maskumambang.mp3
Pupuh - Mijil.mp3
Pupuh - Pucung.mp3
Pupuh - Sinom.mp3
Pupuh - Wirangrong.mp3

This entry was posted on 21 Oktober 2008 at Selasa, Oktober 21, 2008 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the comments feed .

0 comments

Posting Komentar

Nu Tos Ngomentar